...asa kagunturan madu kaurugan menyan putih nepika norobos ka PT. PLN Nusantara Power Unit Pembangkitan (UP) Cirata pikeun meunang perhatian dina ngalumangsungkeun tempat kagiatan Pasanggiri Ibing Penca “Bupati Purwakarta Cup” Mapag Jawara Sa-Jawa Barat antar Paguron.
Kormi Plered Kagunturan Madu Kaurugan Menyan Putih, Norobos ka PT. PLN Nusantara Power UP Cirata
Ayana peran serta Komite Olahraga Masyarakat Indonésia (KORMI) keur warga masarakat mah tangtu kabantu pisan nilik tina wadah pikeun ngaaprésiasi unjuk kabisa. Saperti halna Kormi Pléréd rék ngayakeun kagiatan nu diapresiakeun ku pihak stakeholder.
Kormi Pléréd nu dipupuhuan ku abah Pepen Kusnadi asa kagunturan madu kaurugan menyan putih nepika norobos ka PT. PLN Nusantara Power Unit Pembangkitan (UP) Cirata pikeun meunang perhatian dina ngalumangsungkeun tempat kagiatan Pasanggiri Ibing Penca “Bupati Purwakarta Cup” Mapag Jawara Sa-Jawa Barat antar Paguron.
Tarekah jeung Patéah abah Pepen Kusnadi pikeun nyugemakeun tempat kagiatan keur para pamilon sa-Jawa Barat téh, nya Alhamdulillah pihak PT. PLN Nusantara Power Unit Pembangkitan (UP) Cirata méré tempat.
Abah Pepen lian ti ketua Kormi Pléréd ogé pupuhu DPC PPSI Kecamatan Pléréd, inyana ngarasa bungah amarwatasuta réhna rék ngagelar Pasanggiri Ibing Penca “Bupati Purwakarta Cup” Mapag Jawara Sa-Jawa Barat antar Paguron bakal lumangsung ping 18 – 19 Maret 2023 tempatna di PT. PLN Nusantara Power Unit Pembangkitan (UP) Cirata. Inyana miharep sangkan kagiatan éta lumangsung kalayan aman tur lancar.***