WALUNGAN CIDOMAS, “THE BLUE RIVER OF PURWAKARTA”

Saenyana réa pisan objék wisata anu sumebar di Kabupaten Purwakarta. Boh anu perenahna di dayeuh (kota), boh di pilemburan. Salah sahijina nyaéta Walungan Cidomas di Kampung Garokgek, Desa Parakan Garokgek, Kecamatan Kiarapedes, Kabupatén Purwakarta. Anapon jarak ti Situ Wanayasa kira-kira 4 km ka arah Subang.

Kiwari Walungan Cidomas mindeng dideugdeug ku wisatawan lokal jeung mancanagara, sabab réa nu kairut ku kaéndahan alamna. Malah Kecamatan Kiarapedes ogé kiwari geus jadi wana wisata pikeun para turis. Sapanjang jalan saméméh anjog ka Walungan Cidomas, para wisatawan baris kairut ku kaéndahan alam perkebunan entéh jeung pala, angin lirih ngahiliwir, sarta hawa anu nyecep tiis. 

Read More

Sabada anjog ka Walungan Cidomas, para wisatawan bakal leuwih kairut neuteup walungan anu hérang ngagenclang tur mireng séahna riak walungan. Para wisatawan ogé bisa sukan-sukan ngojay atawa silanglang. Sapanjang walungan katémbong batu tingparentul mapaés genclang walungan. Di sisi walungan katémbong jajaran dapuran awi, matak iuh tur betah. Anapon caina anu semu biru téh alatan kasorot ku cahaya panonpoé. Lian ti éta, di Walungan Cidomas ogé aya curug leutik tur gawir tina batu, ngawangun relief alam anu kacida éndahna.

Walungan Cidomas katelah minangka “Blue River” di Purwakarta, sabab caina anu katémbong semu biru tur hérang ngagenclang. Éta walungan mimiti réa dideugdeug ku para wisatawan téh ti saprak aya sawatara wisatawan anu camping sawatara waktu ka tukang, tuluy poto-potona di-upload kana media sosial, nya ti harita Walungan Cidomas mimiti kakoncara di Indonesia.

Anapon pikeun ngadeugdeug Walungan Cidomas, para wisatawan ti arah Wanayasa terus muru ka Kecamatan Kiarapedes, ngaliwatan ICG (Islamic Center Garokgek). Lebah pertigaan saméméh wates Purwakarta-Subang, méngkol ka kénca, tuluy mapay jalan désa, saterusna baris aya pituduh jalan ka Walungan Cidomas. Sedeng upama ti arah Subang, sanggeus tugu wates Purwakarta Subang baris aya pertigaan, méngkol ka katuhu, tuluy mapay jalan désa. Anapon perkara tikét, para wisatawan teu dipulut waragad sapisan atawa haratis téa.***

Nyutat tina : Purwakarta Spirit Budaya/Date: 24 Agustus 2016

Related posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *