CARITA POÉ JUMAAH
Jaman baheula, aya hiji santri anu keur masantrén. Éta santri téh belet pisan. Sakitu diajarna geus mangtaun-taun ogé taya pisan beubeunanganana. Éstuning di pasantrénna téh ngadon ngaliwet wungkul. Sajeroning masantrén téh, teuing geus béak kastrol sabaraha hiji.
Ku lantaran kitu, manéhna jadi ngarasa bosen diajar. Meureun mana kieu ogé aing téh geus ditakdirkeun jadi jelema bodo, cék dina pikiranana. Nya ku sabab kitu, ahirna mah manéhna pamitan ka kiyai, rék mulang waé ka lembur, sabab diajar di pasantrén ogé teu maju-maju. Jadi mending kénéh néangan gawé séjén.
Cék kiyai, “Ari cék timbangan Mama mah geus kapalang. Hanas hidep geus méakkeun waktu taun-taun di pasantrén, tapi dina waktuna mulang teu bisa mawa élmu. Tapi ari hidep geus teu betah mah, Mama teu bisa ngahalang-halang. Sugan atuh ari diajar di tempat séjén mah aya kamajuan.”
Ki Santri henteu panjang carita, ngan ukur pok, “Sumuhun, nyuhunkeun pidu’ana waé ti Mama.” Geus kitu mah manéhna terus amitan.
Barang geus jauh ti pasantrén, manéhna nyorang jalan anu kénca-katuhueunana aya gawir laluhur, pinuh ku tatangkalan kai galedé. Ku bawaning ngarasa capé jeung panas, manéhna tuluy eureun handapeun tangkal kai gedé, ngadon ngiuhan.
Di dinya aya cinyusu, mapay kana akar tatangkalan, terus nyakclakan kana batu. Ari diteges-teges, batu anu kacakclakan cai téh geus legok.
Cék pamikir Ki Santri, “Ieu batu pangna tepi ka jadi legok kieu téh ku sabab haben kacakclakan ku cikaracak. Tangtuna ogé geus puluhan taun lilana, sabab ari batu mah apan sakitu teuasna. Tapi geuning ahirna mah jadi legok, sanajan cai anu nyakclakanana saeutik pisan.”
Ki Santri ngahuleng. Naon-naon anu kasaksian harita ku manéhna jadi ngahudang sumanget. “Aing gé kudu terus diajar, ulah putus harepan pédah tepi ka ayeuna teu bisa-bisa. Kapan dina hiji waktu mah bakal hasil pamaksudan, asal dibarung ku temen wekel. Tah geuning ieu buktina, cikaracak anu ngan ukur nyakckalan saeutik-saeutik, tapi ari lila mah bisa ngalantarankeun batu jadi legok.”
Geus kitu mah Ki Santri ngabolaykeun niat mulang ka lemburna. Manéhna balik deui ka pasantrén pikeun neruskeun diajar.
Barang santrina balik deui bari ngutarakeun pamaksudanana hayang neruskeun masantrén, Mama Kiyai kacida bungaheunana.
Ti harita, Ki Santri terus soson-soson diajar, tepi ka ahirna mah hasil pamaksudanana. Manéhna jadi jelema anu lega kanyahona.
Cék ujaring carita, nya ti harita ayana paribasa cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok téh.