PURWAKARTA – Grup Warta Sunda,-
Naon ari RESES téh! Tangtu pikeun nonoman anu pemula sok jadi patarosan. Lantaran nu ngamimitian rék milu aub dina taun politik.
Ceuk KH Asep Nuryani SP.di ti Fraksi PKS, Dapil V (Pléréd, Tegalwaru & Maniis), inyana ngajelaskeun yén reses téh ngarupakeun hiji kagiatan nu dilakukeun anggota dewan di luar masa sidang, timimiti tingkat daérah nepika pusat, malah Mandar wajib keur ngalumangsungkeun reses dina tugasna.
Dapil V Ngalumangsungkeun di Kantor Désa Tegalwaru
Biasana, anggota dewan ieu nepungan konstituen di daerah pemilihanna (Dapil) masing-masing.
Pelaksanaan tugas Anggota Dewan di dapil dina raraga ngajaring, nampung aspirasi konstituen sarta ngalaksanakeun fungsi pengawasan nu kasebatna kunjungan kerja.
Kunjungan kerja ieu, bisa dilakukeun ku Anggota Dewan sacara perseorangan maupun secara berkelompok.
Dina kagiatan reses anggota dewan bisa ngadongdon elemen pamaréntahan, kelompok masyarakat, komunitas pemuda, komunitas perempuan atawa nepika masyarakat umum.
Malah Mandar ceuk Pa Dewan ti Dapil V Fraksi PKS, inyana rék nargetkeun para nonoman pemilih pemula 18 persen.
18 persen Pemula, Hak Pilih taun 2023 diprediksikeun 32.000 hak pilih. Sedengkeun di taun 2014 hak pilih aya kana 27.000 urang, lamun 5 persen, Jatah 1 kursi 10.000 urang hak pilih.
Kulantaran reses dilakukeun pikeun nampung sacara langsung aspirasi masyarakat, ku kituna ka para nonoman anu pemula tong sieun nalika ngiringan reses anggota dewan.
Lain halna ceuk perwakilan warga Heni (35) Kecamatan Tegalwaru, inyana hoyong UMKN luyu jeung didaerah langkung dironjatkeun kalayan Daria.
Sedengkeun ceuk Kepala Désa Tegalwaru, Suhim Setiawan, inyana salaku aparat désa sing saha-saha waé tempatna dijadikeun kagiatan reses, pihakna terbuka.***