T A B U H A N (Ku : Ade Suryadin)

…tiap tabuhan dina masing-masing seni bénten, mangga a’os ogé uningaan buku-buku karangan: Pa Radén Machyar Anggakusumadinata, Pa Atik Sopandi, Pa Tatang, Mang Koko, Pa Nano S, Jsb. Nanging anu paling yakin mah, mangga cobian nabuh Gamelan Degung sareng Gamelan Bajidor, “TANGTOS BĔNTEN TABUHANANA”.

T A B U H A N
(Ade Suryadin)

Read More

Dumasar hasil panitén, sareng paningal tina kahirupan ngeunaan seni Sunda anu lumangsung di masarakat Sunda, diantarana Wayang Golék, Degung, Kiliningan, Ketuk Tilu, Bangréng, Topéng Banyét, Bajidor, tétéla pisan aya anu bénten dina tiap-tiap éta seni, boh dina ngaran waditra (alat), fungsi waditra (alat), nyakitu deui dina cara nabuh atanapi tabuhanana.

Mangga sami-sami titén ogé tengetan, sapertos dina cara nabuh atanapi wanda tabuh, Seni Wayang Golek anu pinuh ku falasifah tur adiluhung nyakitu deui dina Kiliningan tangtos bénten upami dibandingkeun sareng dina tabuhan Bajidor. Kalebet dina seni Degung, Bangréng sareng Topéng Banyét masing-masing tabuhanana bénten.

Hal ieu nuduhkeun kabeungharan widang tabuhan dina waditra anu aya dina seni Sunda.

Kumargi kitu, tos janten kawajiban urang sadayana kanggo ngajaga ogé miara wanda tabuh supados tabuhan masing-masing anu ngandung warna, ngandung wanda anu bénten téh, dipiara dilarapkeun dina titincakanana (proporsional).

Salajengna kolaborasi, mangga téh teuing…. da seni Sunda mah karyana mekar luyu sareng kamajengan jaman ogé kaparigelan, kabiněkasan, kapinteran sareng kacerdasan Seniman/Budayawan. Kolaborasi sah-sah waě salami kolaborasi henteu ngareksak karya anu sanés. Nya upami badé kolaborasi, saé sareng merenahna karya anu dianggo kolaborasi téh hasil karya nyalira supados teu ngaganggu hak patén karya anu sanés.

Dina ngagarap atanapi ngalatih gamelan naon waé, sapertos dina tabuhan Wayang Golék, Kiliningan, Bajidor, Degung, nyakitu deui anu sanésna, “TANGTOS BĔNTEN CARA NABUHNA”. ULAH DUGI KA TABUHAN ANU BIASA DIANGGO DINA WAYANG GOLĔK KALAH DIANGGO DINA BAJIDOR, NYAKITU DEUI TABUHAN BAJIDOR DIANGGO DINA WAYANG GOLĔK. TABUHAN KILININGAN, WAYANG GOLĔK ATANAPI BAJIDOR HAYOH DIANGGO ATANAPI DILARAPKEUN DINA DEGUNG. ANTUKNA PACOROK TABUHAN.

ANTUKNA TABUHAN DEGUNG TEU NGAGADUHAN HAS ATANAPI CIRI KUMARGI TABUHANANA NGANGGO WANDA TABUHAN SANĔS.

Upami hal sapertos di luhur kajantenan, tangtos salangkung anu nongton atanapi anu nitén baris nyangki yén “tabuhan degung sareng tabuhan sanesna “SAMI, PADAHAL JELAS-JELAS BĔNTEN”

Peryogi kauninga, kanggo langkung percanten, yén tiap tabuhan dina masing-masing seni bénten, mangga a’os ogé uningaan buku-buku karangan: Pa Radén Machyar Anggakusumadinata, Pa Atik Sopandi, Pa Tatang, Mang Koko, Pa Nano S, Jsb. Nanging anu paling yakin mah, mangga cobian nabuh Gamelan Degung sareng Gamelan Bajidor, “TANGTOS BĔNTEN TABUHANANA”.

Ku ayana bénten tabuhan dina tiap garap seni, ieu nawiskeun yén Sunda beunghar ku tabuhan ogé kanggo ngabéntenkeun antawis tabuhan degung sareng tabuhan Bajidor, Wayang Golék, Bangrěng, Topěng Banyět atanapi tabuhan Kiliningan.

Kacindekan:

Tabuhan dina tiap-tiap kasenian anu aya di tatar Sunda, sapertos: Wayang Golék, Kiliningan, Bajidor, Degung, Bangréng sareng Topéng Banyét “TANGTOS BENTEN CARA NABUHNA”.
Bénten nabuh nuduhkeun “KABEUNGHARAN TABUHAN”.
Bénten nabuh nuduhkeun “CIRI HAS TABUHAN”.
Dina prak-prakanana, saupami urang hoyong langsung ngaraoskeun běntena tabuhan, nyaěta kedah langsung nyobiah nabuh/nakol waditra (alat) dina salah sawios gamelan.

Dicutat tina catetan pribadi
Sumedang, 8 Fébruari 1984.
Panyarungsum,

Ade Suryadin

Related posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *