Pemilihan Kwarran di Wanayasa “DRAW”

...Iyan Sudiyana, S.Pd.I, (SD Sumurugul) Jadi Pingpinan Kwarran, 2023 – 2026, Hasil Musran. Sok sanajan hasil sorana draw nyaéta meunang 30 sora masing-masing. Tangtu ieu pemilihan anu ahéng keur Wanayasa. Saumurna-umur kakara ayeuna pemilihan draw téh. Tapi, keur dirina Kang Maman masihan kapercantenan ka Sim Kuring pikeun mupuhuan Kwarran Wanayasa Masa Bhakti 2023-2026.

WANAYASA – Grup Warta Sunda,-

Read More


Pemilihan Musran di Wanayasa, taun ayeuna béda jeung nu ti sasari. Lantaran, tina hasil sorana téh sarua, nyaéta 30 – 30.
Nilik tina hasil ieu téh, keur Kepramukaa  Kabupatén Purwakarta jeung Kepramukaan di Wanayasa ieu jadi sajarah kana pemilihan  Musawarah Ranting (Musran) Gerakan Kepramukaan Wanayasa, poé Senen, 30/1/2023 di Sekretariat Kwarran Wanayasa.

Iyan Sudiyana, S.Pd, pinilih Pupuhu Kwarran Wanayasa Masa Bhakti 2023-2026*

Ku hal éta téh, nepika ceuk salahsaurang peserta, nyaéta Asep, nyebutkeun yén dua bakal calon ieu téh, saleresna duanana teu sariapeun, tapi kulantaran di calonkeun ku para pamigus, geus manjing tur kana waktuna, kersa teu kersa, duanana, ngiring calon ketua Kwarran.

Malah Mandar tepika dina waktuna musran lumangsung, dua calon éta téh, dicalonkeun ku para mabigus.

Pihak Panatacalagara, Moch Irawan, ngarasa reugreug, tepika dua calon éta sariap dipilih.

“Alhamdulillah, dina waktuna mah, calon téh nu wastana : Iyan Sudiyana jeung Maman dipilih sacara langsung. Tapi justru tina proses pinilihna mah, yén Iyan Sudiyana meunang 30 sora, Maman meunang 30 sora, ngan nu blanko 1 sora.” Pokna Irawan.

Ku kituna ieu hasil jadi bancangpakewuh pikeun nangtukeun pincaloneun pupuhu Kwarran Masa Bhakti 2023-2026.

Antukna dua calon éta téh, ku pihak Kwarcab (Koyaman, S.Ip, ditanya raga katineungna di ruangan husus, pikeun nangtukeun pi-ketuaeun.

Dina hal ieu mah, uwa Koyaman ngabenerkeun ungkara éta téh. “Alhamdulillah, diantara dua urang éta téh, salasahijina ngelehan Legowo masrahkeun ketuana téh, Iyan Sudiyana.” Pokna.

Dina kasempetan éta, dua urang calon téh diwawancara ku tim Warta Sunda, saperti Iyan Sudiyana jeung Maman.

Kasauran Maman : “Inyana Legowo, yén Kang Iyan Sudiyana nu leuwih potensial, kulantaran ningal ku kadeukeutan jeung para mabiran hususna di Taringgul Tonggoh.

Lain halna ceuk Iyan Sudiyana, dirina kapilih ku para anggota Kwarran Wanayasa. Sok sanajan hasil sorana draw nyaéta meunang 30 sora masing-masing. Tangtu ieu pemilihan anu ahéng keur Wanayasa. Saumurna-umur kakara ayeuna pemilihan draw téh. Tapi, keur dirina Kang Maman masihan kapercantenan ka Sim Kuring pikeun mupuhuan Kwarran Wanayasa Masa Bhakti 2023-2026.

“Neda pidu’ana ku kapercantenan ti anggota Kwarran hususna para mabigus, mugia sim kuring tiasa neruskeun kapamingpinan anu kamari, inyana tetep nyuhunkeun rojongan sareng pencerahan ti para senior (kwarcab).” Pokna Iyan Sudiyana.

Ceuk Wahyu Budi, “ieu pemilihan anu langka, poma keur Wanayasa jeung Kabupatén Purwakarta mah, jadi sejarah dina Musran ieu téh, jarang – jarang nepika meunang sora sarua téh, tapi ku kaparigelan Pihak Kwarcab, ditanya raga katineung na, dua calon éta téh pikeun, nangtukeun pi-ketuaeun.”

Acara di hadiran ti Kwarcab : Wa Koyaman Wakil Ketua Kwarcab, Aép Supriatna (Andalan Orgakum Kwarcab); Nunung Qurnaen, Babang Subarna, Pusdik, Heriyana Suhendar ti Pusdiklatcab. Ketua Korwil V Wanayasa/Kiarapedes (Yuswan Indra Wireja, M.Pd), Mabiran Wanayasa Heriyadi Erlan, W. S., STP.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Grup Warta Sunda, yén Hasil sora Iyan Sudiyana meunang 30 sora jeung Mama meunang 30 sora, sarta Blanko 1 sora, jadi jumlahna aya kana 61 sora.***

Related posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *