…sim kuring sinareng juru Atik, ngahaja ngawanohkeun deui GATRIK jeung LISUNG ka barudak, poma bari diarulinkeun di sakola mah. Etang-etang ngaronjatkeun deui kaulinan barudak lembur.
GATRIK jeung LISUNG, di SMPN 2 Parungbanteng Masih Aya di Kieuna, Seni Budaya Titinggal Karuhun
Barudak zaman Now geus moal apal atawa arulin ulinan .sim kuring sinareng juru Atik, ngahaja ngawanohkeun deui GATRIK jeung LISUNG ka barudak, poma bari diarulinkeun di sakola mah. Etang-etang ngaronjatkeun deui kaulinan barudak lembur.kaulinan urang lembur. Ayeuna mah ku Mahabu gadget jeung lato-lato.
Ku kituna di SMP Negeri Satap 2 Parungbanténg, Kecamatan Sukasari, Kabupatén Purwakarta. Minangka keur ngawanohkeun kaulinan urang lembur. Saperti nu keur diulinkeun ku para siswa/siswi maraén GATRIK. Kitu ditetelakeun ku Kepala UPTD SMP Negeri Satap 2 Parungbanténg, Moch Aripin, S.Pd, M.Pd, ka Grup Warta Sunda poé Rebo, 1/2/2023.
Dina hal ieu mah, sim kuring sinareng juru Atik, ngahaja ngawanohkeun deui GATRIK jeung LISUNG ka barudak, poma bari diarulinkeun di sakola mah. Etang-etang ngaronjatkeun deui kaulinan barudak lembur.
Lian ti éta, salasaurang siswa anu ngiring aub kaulinan budak lembur téh, wastana Maulidan siswa kelas 7 di SMPN 2 Parungbanteng, pituin urang Kampung Wangun RT.001 RW. 001 Désa Parungbanténg Kecamatan Sukasari, Kabupatén Purwakarta, putra ti pasangan Bapa Soleh jeung biangna Raya.
Ieu minangka murangkalih disakola anu pang onjoyna, malah Mandar kaulinan ieu téh ditalepakeun ka siswa-siswi nu lain, sangkan bisa mikacinta kana budaya Sunda hususna kaulinan budak lembur.
Disagedengeun éta, sakantenan ngawanohkeun pakasas karuhun urang Sunda nyaéta lisung tatapankan singkal jeung nu sanésna.***