Artistik Dina Kagiatan TDBA PGRI Cabang Tegalwaru

…ningal dilokasi acara kataji pisan ku konsepna, poma ruang publik jiga Cafe rindang tur hégar ku tatangkalan tur artistik dina ngamangpaatkeun limbah tina Batok Kalapa.

Ketua PGRI Cabang Tegalwaru, Ade Solihin, S.Pd.I, M.Pd,

Artistik Dina Kagiatan TDBA PGRI Cabang Tegalwaru

Read More

TEGALWARU – Grup Warta Sunda,-

Acara nu maneuh Persatuan Guru Republika Indonésia (PGRI) Kabupatén Purwakarta nu kagilir di bulan Januari ayeuna mah puseurkeun PGRI Cabang Tegalwaru nyatana di UPTD SMPN 1 Tegalwaru.

Nilik tina dongdonan tim Bidang Perempuan jeung rengrenganana, ningal dilokasi acara kataji pisan ku konsepna, poma ruang publik jiga Cafe rindang tur hégar ku tatangkalan tur artistik dina ngamangpaatkeun limbah tina Batok Kalapa.

Kitu ditetelakeun ku Bidang Pemberdayaan Perempuan PGRI Kabupaten Purwakarta ka Warta Sunda di lokasi acara : Bazar Hasil Kreasi dan Inovasi PGRI Cabang Tegalwaru.

“Keur mah di wewengkon UPTD SMPN 1 Tegalwaru mah tempat sudut baca katingal jiga Cafe,” pokna.

Ketua PGRI Kabupatén Purwakarta, DR. H. Purwanto, M.Pd,

Kajaba kitu yén di PGRI Cabang Tegalwaru dina ngalumangsungkeun Bazar Hasil Kreasi dan Inovasi PGRI Cabang Tegalwaru, solidaritas jeung kakompakan para anggotana. “Salut tur reueus, mugia para anggota PGRI Cabang Tegalwaru sinareng pangurusna dipasihan kasehatan, Aamiin,” pokna ibu Bidang Pemberdayaan Perempuan PGRI Kabupaten Purwakarta.

Dina hal ieu mah, Kepala UPTD SMPN 1 Tegalwaru, Nuriskandar, S.Pd, M.Pd, ka tim Warta Sunda basa ngadumaniskeun ungkara ti Bidang Pemberdayaan Perempuan PGRI Kabupaten Purwakarta, ngahaminan. Malahan, ieu jadi kasumangetan pihak sakola dina ngajomantara program sakola téh, éstuning karancagéan dina nyukseskeunnana.

Ku kituna, ieu kagiatan téh, dipercanten ku pihak PGRI Cabang Tegalwaru tur PGRI Kabupatén Purwakarta, itung-itungan ngawanohkeun sakola ka para tatamu yén di UPTD SMPN 1 Tegalwaru, saperti kitu ilaharna.

Sedengkeun ceuk Ketua PGRI Cabang Tegalwaru, Ade Solihin, S.Pd.I, M.Pd, pihakna dipercaya ku PGRI Kabupaten Purwakarta tur ka gilir pikeun ngalaksanakeun program anu maneuh, unggal sasih keliling ka masing-masing PGRI Cabang Sa-Purwakarta.

Disagedengeun éta, emang leres solidaritas tur kakompakan di PGRI Cabang Tegalwaru, geus kajalin papada anggota katut pangurus. Kalih ti éta, pihakna ngaraos kabantos ku UPTD SMP Negeri 1 Tegalwaru dina ngalangsungkeun kagiatan Bazar Hasil Kreasi dan Inovasi PGRI Cabang Tegalwaru.

“Pihakna, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka sadayana nu parantos ngiring aub kana nyukseskeun ieu kagiatan.” Pokna Ade Solihin.

Lain deui ceuk Iwan Hermawan, S.Pd.I. M.Pd. (Sekjen PGRI Cabang Tegalwaru) acara ieu téh, luyu sareng jadwal. Ku kitu di puseur keun di SMP 1 Tegalwaru nilik ti tempat jeung kasiapanna, siap.

Sedengkeun ceuk Perwakilan SMA N 1 Tegalwaru, Kepala Sekolah, Roji’un, S.Pd, M.Pd. nu diwakilan ku Agus Sunarya, M.Pd, pihakna ngintunkeun Stan kaolahan tatanen di Bale Atikan, pon kitu deui Hasil kreativitas para siswa dina widang menjahit.

Kasauran Kepala SDN 1 Karoya, Juhria, S.Pd, sok sanaos enggal kénéh mupuhuan di éta sakola, tapi ari urusan pakuat pakait ieu. “Alhamdulillah rengrengan juru Atikna mah, kulantaran tos aya pembekalan dina program IHT.” Pokna.

Dina kasempetan éta, Ketua PGRI Kabupatén Purwakarta, DR. H. Purwanto, M.Pd, “ngarasa reueus program Tatanen Bale Atikan tur Program IHT (Ini House Training) di di Kecamatan Tegalwaru geus nyangking 💯 persen.”

Nu Kasauran perwakilan ti unsur kecamatan nu diwakilan ku Sekcam Tegalwaru, Suhaeli, S.Pd, M.Pd, naon nu jadi tarékah jeung Patéah di dunya atikan, rék ditalepakeun ka ibu-ibu PKK di unggal désa sa-Tegalwaru. Miharep ngamangpaatkeun lahan di buruan imah ku pepelakan tatanen di buruan imah. Malah karbonna téh “Berkebun Dihati Ibu-ibu PKK”. Salahsahijina Désa percontohan nyatana Désa Cadasmekar nu geus pepelakan di buruan imahna.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Grup Warta Sunda, yén Para pamilon Bazar Hasil Kreasi dan Inovasi PGRI Cabang Tegalwaru diiluan ti 25 jenjang SD, 6 ti SMP Negeri jeung Satap, sarta ti jenjang SMA tur 2 SMK ngiring aub nyukseskeun kana ieu kagiatan.***

Related posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *