Detail Detik-detik
Pencarian jeung Evakuasi
Mang Odim di TKP

…Dina hal ieu mah, mang Odim tikelebuk salila dua poé ti poé Rebo, kapanggih Saptu isuk. Malah Mandar lian ti dirina ogé Tikelebuk, ogé parahu Bargasna ogé sarua. Keur mah cuaca poé Rebo éta mah rada ektrim, angin gedé mawa pangaruh kana barang atawa nu aya ka sapuk angin, ieu minangka kronologis kajadian nu kiwari jadi pieunteungeun keur urang saréréa dina nandangan cuaca ektrim di tengah kolam jaring apung Waduk Ir. H. Juanda (Jatiluhur).

Layon mang Odim kapanggih

Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh. Sampurasun.

Read More

Tepang deui Baraya Wartasunda Channél. dina danget ieu baris kapidangkeun nu jejerna

Detail Detik-detik
Pencarian jeung Evakuasi
Mang Odim di TKP

Mang Odim Jeung Bargasna Tikelebuk

SUKATANI – Grup Warta Sunda

Warga Kampung Cilendi Désa Panyindangan, Kecamatan Sukatani Kabupatén Purwakarta, digegerkeun ku ayana laporan wargana geus tilu poé ilang tanpa kabar.

Dina hal ieu mah, laporan ieu téh poé Juma’ah peuting ka kantor Désa Panyindangan nu diteruskeun ku pihak Kantor Kecamatan Sukatani nepika ditindaklanjut ku pihak kantor Kecamatan Sukatani.

Saha atuh warga nu ilang tilu poé téh???
Mang Odim (60) warga Kp. Cilendi RT.013 RW.007 Désa Panyindangan, Kecamatan Sukatani Kabupatén Purwakarta, nilik tina poé Rebo éta mah cuaca ektrim di Danau Jatiluhur, di kolam apung.

Ku kituna pihak keluarga Aya kamelang yén salila 2 (dua) poé nu jadi salakina teu mulang, jeung teu aya kabar di kieuna, keur mah sapopoéna pakasaban mang Odim sok nguntar-nganteur galon ka langganana.

Nilik tina laporan éta téh, Isuk-isuk jam 07.00 WIB meunang kabar yén mang Odim Layonna kapanggih. Dina hal ieu mah, mang Odim tikelebuk salila dua poé ti poé Rebo, kapanggih Saptu isuk. Malah Mandar lian ti dirina ogé Tikelebuk, ogé parahu Bargasna ogé sarua. Keur mah cuaca poé Rebo éta mah rada ektrim, angin gedé mawa pangaruh kana barang atawa nu aya ka sapuk angin, ieu minangka kronologis kajadian nu kiwari jadi pieunteungeun keur urang saréréa dina nandangan cuaca ektrim di tengah kolam jaring apung Waduk Ir. H. Juanda (Jatiluhur).

Kapanggihna mang Odim, nu sapopoéna di Lokasi kolam japung Astap, TKP nalika keur ngintun galon arah ka Madang keun.

Hasil wawancara pihak Kecamatan nilik tina wargana : “Kejadiannya tidak ada yg mengetahui. Di perkirakan hari Rabu sore. Pihak keluarga curiga karena biasanya hari jumat pulang. Jadi di ketahui hilang itu hari jumat sore setelah pihak keluarga mencari di lokasi kolamnya tidak di temukan. Sorenya baru lapor ke desa.”

Tim Redaksi*

cag, baraya WartaSunda Channél mung sakitu nu tiasa dipedar.

wassalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh

Related posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *