…Orientasi para kepala sekolah salaku mabigus di sakola nilik tina program Kwarran Plered gawé bareng jeung stakeholder. Sok sanajan kamari pakeum akibat Covid-19. Tapi taun ayeuna ngayakeun kagiatan nu saperti kitu.Ka Mabiran Plered, Asep Senjaya
Hiji-Hijina nu Ngayajeun Kursus Orientasi Majelis Pembimbing Gudep, Kwarran Plered
Lumangsungna Kursus Orientasi Majelis Pembimbing Gugus Depan Gerakan Pramuka Kwartir Ranting Plered Tahun 2023, Peran Mabigus Kunci Sukses Gugus Depan di SMPN 1 Plered, 26/1/2023.
Dina kagiatan éta téh, hiji-hijina nu ngayakeun kagiatan Kursus Orientasi Majelis Pembimbing Gugus Depan Gerakan Pramuka Kwartir Ranting Plered. Kitu ceuk Wakil Ketua Kwarcab, Koyaman, S.Ip ka Grup Warta Sunda.
Wakil Ketua Kwarcab, Koyaman, S.Ip
Uwa Koyaman, “peupeujeuhna sangkan Mabigus jeung Pembina hasil tina acara ieu téh sing bisa ditépakeun di gudepna masing-masing.”
Sedengkeun ceuk Ketua Panatacalagara, Ketua Panatacalagara, Kusnadi, M.M.Pd, MG. Yén Tujuan diayakeun acara éta téh, tujuanna pikeun : menjalin ukhuwah dan persatuan anggota pamuka, terciptanya sistem pembinaan generasi muda yang sinergis, meningkatkan jiwa patriotisme, solidaritas dan kedisiplinan, memberikan wadah pembinaan bagi Mabigus dan pembina.
Ari ceuk Ketua Kwarran Gerakan Pramuka Plered, Amir Suryana, S.Pd nambahkeun tujuan acara éta téh, pikeun Orientasi para kepala sekolah salaku mabigus di sakola nilik tina program Kwarran Plered gawé bareng jeung stakeholder. Sok sanajan kamari pakeum akibat Covid-19. Tapi taun ayeuna ngayakeun kagiatan nu saperti kitu.
Sedengkeun ceuk Ketua Korwil VIII Plered-Sukatani, H. Sunarya, M.Pd, pihakna ngarasa reueus ku diayakeun kagiatan nu saperti kitu téh, yén Mabigus jeung Pembina disakola dibina dina dunya kepramukaan ku pihak Kwarran Plered.
Dina kasempetan éta ogé, Ka Mabiran Plered, Asep Senjaya, yén Aktivitas kepramukaan di Pléréd sempet pakeum alatan pandemik salila tilu taun. Poma ayeuna pihak Kwarran Gerakan Pramuka ngayakeun ieu kagiatan.
Dipiharep Mabigus sinareng Pembina sakola tiasa ngalaksanakeun tugas kalayan iklas tur niat nu hadé, sing sarehat. Yén mabigus jeung Pembina tiasa mencetak manusia-manusia anu tangguh, moral anu hadé, élmu anu mangpaat. Malah Mandar Plered, kahareup bisa bersaing jeung nu sejenna di taun 2023 leuwih ngaronjat.
“Pon kitu deui ieu téh éstuning evaluasi keur ranting Plered pikeun leuwih dironjatkeun deui kepanduannana, tong asa-asa aya naon-naon mah koordinasi jeung sim kuring salaku Mabiran,” pokna Asép.
Lian ti éta, Gerakan Kepramukaan Ranting Plered, Aktifitas pramuka can maksimal. Tadi téa Bangbaluhna ku pandemik.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Grup Warta Sunda, yén jumlah pamilon aya kana 64 Gudep ti lingkung SD/MI, SMP/MTs, SMA/SMK/MA. Acara dihadiran ti Wakil Ketua Kwarcab Koyaman, S.Ip, Ka. Mabiran Asép Senjaya, S.Ip. Kepala Korwil VIII Widang Atikan Pléréd/Sukatani H. Sunarya, M.Pd, Ketua Panatacalagara, Kusnadi, M.M.Pd, MG. Ketua Kwarran Plered, Amir Suryana, S.Pd, Para Pelatih Kwarcab diwakilan Nunung Qurnaen, Ajat Sudrajat, Perwakilan ti SMPN 2 Tintin Supriatin, M.Pd (kasek), para Mabigus sarta Pembina sa-Plered.***