Pabrik tekstil Produk Benang PT. Jesi Jason Sumber Makmur ( PT. JJSM ) Wantilan Subang Kahuruan
SUBANG – Grup Warta Sunda
Haseup Hideung ngabebela ngalanglang langit di wewengkon Wantilan Subang, nyirikeun Kahuruan Rebo Soré tadi, 25/1/2023 di Pabrik tekstil Produk Benang PT. Jesi Jason Sumber Makmur ( PT. JJSM ) Wantilan Subang.
Antukna para pagawé pabrik éta panik jeung nyaralametkeun diri kaluar ti pabrik, kituna ogé warga di wewengkon éta nu deukeut ka lokasi kahuruan ngarasa reuwas tur sedih, nilik tina ngabebela seuneu ngalanglang ka langit.
“Alhamdulillah kahuruan éta téh henteu nepika korban jiwa. Ku dibantuan ti petugas Pemadam Kebakaran nu mawa 3 unit mobil pemadam jeung 1 unit mobil resque sarta 1 unit mobil ambulance.” Kitu ditetelakeun ceuk Adis salahsaurang pagawé PT. Jesi Jason Sumber Makmur ka wartawan dilokasi.
Nepika diturunkeun ieu warta ieu, masih dina penyelidikan pihak terkait.***