PONDOKSALAM – Grup Warta Sunda
Luyu sareng tema : Seren Sumeren Widang Atikan UPTD SD Negeri 1 Sukajadi, Kecamatan Pondoksalam,
“Mulang mawa panineungan”
“Datang mawa harepan”
“Kaberkahan, Kabagjaan Waluya Salalawasna”
Ungkara diluhur éta téh, tangtu keur pupuhu nu parantos mupuhuan jadi mawa panineungan, poma nu datang mawa harepan, nu sami-sami hoyong aya Kaberkahan, Kabagjaan Waluya Salalawasna.
Dina hal ieu mah, Lili Suratman, S.Pd.I., ti SDN Cipinang di Bandaleutkeun ku Kulawedet Cib rdatu, pikeun nyangking kalungguhan di UPTD SD Negeri 1 Sukajadi, Kecamatan Pondoksalam, Kabupatén Purwakarta. Malah mandar tur Dibagéakeun ku Kulawedet Pondoksalam. Ieu éstuning jadi kaparigelan widang atikan anu kompak tur Daria.
Keur Lili Suratman mah, inyana ngiring bungah tos tiasa diangken di UPTD SDN 1 Sukajadi, kajaba dina acara Seren Sumeren Widang Atikan, téh pihak Komite Sekolah, Kepala Désa Sukajadi, katut rengrengan juru Atik SDN 1 Sukajadi, ngabageakeun ku kasumpingan sim kuring. Kitu ceuk Lili Suratman, ka Grup Warta Sunda, Kemis, 19/1/2023, Gulampok, Sukajadi, Pondoksalam, Kabupatén Purwakarta.
Dina kasempetan éta ogé, PLT. Zaenal Muttaqin, S.Pd dirina nga-PLT-an téh, ayeuna nyerenkeun urusan sakola ka kepala sekolah nyatana ka Bapak Lili Suratman, S.Pd.I, Mugia dina ngokolakeun sakola sing tiasa langkung majeng deui. Poma kakirangan atawa hanca sing tiasa diteraskeun kalayan dipaparinan sehat tur kalancaran.
Lain halna ceuk Ketua PGRI Cabang Cibatu, Dasuki, dina biantarana nyebutkeun yén, Bapa Lili Suratman, ieu téh, minangka putra terbaik di Cibatu, lantaran Leuleus beuheung daekan diajak badami tur tanggung jawab, poma ayeuna baris mupuhuan tur ngalola di ieu sakola. Sing dipaparinan kalancaran dina mancen tugas ngamemerea a sakolana.
Ari ceuk Ketua PGRI Cabang Pondoksalam, Asép Sudarmas, M.Pd, tiap kepala sekolah nu anyar di Pondoksalam sok ditatar pikeun ngadalikeun jeung kaayaan di wewengkon Pondoksalam, poma ayeuna aya urang Cibatu, tangtu aya kaberkahan diluar Pondoksalam pikeun ngokolakeun sakola hususna di UPTD SDN 1 Sukajadi. Kukituna harepanana sangkan kepala sekolah tiasa menyelaraskeun jeung kaayaan di Pondoksalam.
Pihak Korwil VI, Bunda Hj. Ida, ngahaturkeun wilujeng sumping ka tatamu ti Cibatu, nu parantos jajap ngabandaleut Pa Lili Suratman, pikeun ngaheuyeuk ngolah nagri di wewengkon UPTD SDN 1 Sukajadi.
“Nu ti Cibatu, tong salempang yén, Lili Suratman diwewengkon ieu baris jadi kulawedet Korwil VI Pondoksalam. Mugia kapayunna ku ayana Lili Suratman, yén sakola nu dilokasi téh, aya dina kamajengan tur sukses.
Ari ceuk Korwil II Cibatu, Kuswara, yén Lili Suratman téh putra terbaik Cibatu nilik tina kinerja na anu saé.
Pihak Komite Sekolah sinareng Kepala Désa Sukajadi, ngabageakeun ku kasumpingan pupuhu anyar (Lili Suratman) nu baris Ngatik jeung ngadidik barudak di wewengkonna. Mugia Pa Lili sing bumetah, Sukses tur dipaparinan sehatan jagjag waringkas.***