“Sim kuring sinareng rengrengan juru Atik disakolana baris narekahan jeung matéahkeun nu sakumaha konsep Disdik pikeun ngamekarkeun “Sakola Bernuansa Islam”. pokna Rahmat Gunawan ka Grup Warta Sunda nalika rengse Seren Tampi Kepala Sekolah UPTD SD Negeri 3 Nagri Kidul, Salasa, 17/1/2023.Rengrengan Juru Atik SDN 1 Tegalmunjul
Sakola Bernuansa Islam H Weeiji-Hijina di Purwakarta
Rotasi, Mutasi jeung promosi mangrupakeun hal nu ilaharna dina widang organisasi kaasup promosi jeung rotasi/mutasi nu aya di lingkungan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta.
Ayana kawijakan jeung alih tugas PNS dilingkungan dunya atikan Kabupatén Purwakarta éta. Tangtuna aya alih tugas jeung promosi, saperti promosi ti guru jadi kepala sekolah. Pon kitu deui ti kepala sekolah nu ngeusi jabatan anyar. Malihan nepika diayakeun seren sumeren ti guru ka kepala sekolah, ti kepala sekolah nu heubeul ka kepala sekolah nu anyar.
Kukituna Rotasi, Mutasi jeung promosi mangrupakeun hal nu ilaharna dina widang organisasi kaasup promosi jeung rotasi/mutasi nu aya di wewengkon dunya atikan.
Nyoko kana SK Bupati Purwakarta Nomor : 821.27/Kep.440-BKPSDM/2022, Tanggal : 26 Desember 2022, Tentang : Pengangkatan Guru yang diberi Penugasan sebagai Kepala Sekolah pada Unit Pelaksana Teknis Daérah Sekolah Dasar Negeri dan Sekolah Menengah Pertama Negeri di lingkungan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta.
Bupati Purwakarta, Ambu Anne Ratna Mustika nepika ngistrenan jabatan 186 Kepala Sekolah di Lingkungan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Kepala Sekolah nu ngawengku tina 181 Kepala Sekolah Dasar sarta 5 Kepala Sekolah SMP. Acara istrena éta téh tempatna di Balé Linuhung, Gang Beringin Purwakarta, Kemis, 29/12/2022.
Dina kasempetan éta, Ketua Korwil I Purwakarta, H. Tubagus Rudi Hendayana, S.Pd., basa tepung jeung Grup Warta Sunda, nyebutkeun ku ayana Seren Tampi di UPTD SD Negeri 3 Nagri Kidul Purwakarta téh, minangka sakola ngota, suasana padésaan.
Komo ayeuna dieusi ku Rahmat Gunawan, S.Pd.I, promosi ti Guru SDN 1 Tegalmunjul Purwakarta. Minangka putra terbaik di SDN 1 Tegalmunjul Purwakarta, nilik tina dedikasi jeung pengabdian di sakola.
Nyoko kana udagan dinas pendidikan Kabupaten Purwakarta, yén sakola ieu progres na rék dijadikeun “Sakola Bernuansa Islam”.
Dina hal ieu mah, Rahmat Gunawan, S.Pd.I, nu nyepeng kalungguhan kepala sekolah di UPTD SD Negeri 3 Nagri Kidul Purwakarta, pihakna tetep nyuhunkeun bongbolongan ti Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, poma koordinasi sinareng Pa Korwil pikeun mapag “Sakola Bernuansa Islam”.
“Sim kuring sinareng rengrengan juru Atik disakolana baris narekahan jeung matéahkeun nu sakumaha konsep Disdik pikeun ngamekarkeun “Sakola Bernuansa Islam”. pokna Rahmat Gunawan ka Grup Warta Sunda nalika rengse Seren Tampi Kepala Sekolah UPTD SD Negeri 3 Nagri Kidul, Salasa, 17/1/2023.
Program kapayun nu pakuat-pakait kana widang kaagamaan, nilik ti sim kuring di SDN 1 Tegalmunjul. Ku kituna, neda pidu’ana, sangkan tiasa tinekanan nu dipimaksad kalayan lancar tur kaberkahan.
Satutas kitu téh, keur SDN 3 Nagri Kidul jadi sekolah Bernuansa Islami nilik tina kasang tukang pikeun méré solusi kahayang warga masyarakat jeung para orang tua dina neruskeun sakola widang kaagamaan di sakola swasta Islami, tapi nu jadi Bangbaluhna tangtu biaya anu gedé.
Ku hal éta, pihak sakola ngalola Sekolah bernuansa islam nu tujuanna jeung program kegiatanna kana widang keagamaan nu rék dilaksanakeun saperti siswa lalaki wajib maké kopéah unggal poéna, Pembiasaan sholat duha unggal poé, maca Ak-Qur’an jeung Sholawat Nabi saméméh jam diajar.
Dipiharep kapayunna rék dibuka eskul kelas tahfidz jeung program Khatam Qur’an guru katut siswa tiap saminggu sakali. Anapaon kitu program sosialna lian ti ayana gerakan amal sarebu jeung béas kaheman, ogé rék diayakeun hiji program sakola peduli yatim ku cara kagiatan 1. Pengajian jeung syahriahan tiap bulan 2. Méré reward keur yatim anu berpréstasi 3. Méré alat tulis satiap ajaran anyar 4. Ngayakeun rihlah satiap sataun sakali.
“Sok sanajan kitu sakolana ogé rék dijadikeun sekolah yang bernuansa agama, malah mandar tetep bisa narima siswa-siswi nu agama lain, saperti nu non muslim Nasrani, Hindu jeung Budha tetep ditarima sangkan bisa dialajar di sekolah éta, pon kitu deui tetep meunang perlakuan anu sarua luyu jeung kepercayaan masing-masing.” Kitu kasauran Rahmat Gunawan mungkas wangkongan jeung Grup Warta Sunda.