….taun anyar 2023 ieu téh, rék ngajomantara paguron Wawangi Putra Taliwargi.
DARANGDAN – www.wartasunda.com,-
Wewengkon Kp. Putat RT.10/RW.03 Desa Sirnamanah, Kec. Darangdan, Purwakarta. Panungtungan taun ngayakeun Deklarasi paguron Wawangi Putra Taliwargi, nu hampir dua taun pakeum kana dunya silat. Minangka taun anyar 2023 ieu téh, rék ngajomantara paguron Wawangi Putra Taliwargi.
Ayeuna nguniang deui, paguron nu kungsi pareum téh, nilik tina kaayaan mahabuna sasalad Covid-19 kamari téa. Kitu ceuk Dadang, pupuhu Wawangi Putra Taliwargi ka grup Warta Sunda.
Pihakna ngarasa reueus ku hadirna pupuhu Walet Putih (Kang Taryana). Mugia keur paguron nu didéklarasikeun éta téh, janten motivasi dina nanjeurkeun ajén inajén pencak silat. Hususna di wewengkon Kp. Putat, Sirnamanah.
Lain halna ceuk Juhara Mulyana (pupuhu Walet Putih), yén ki dulur, Dadang téh minangka dididik ku Bah Dédén Mangku lantaran lahirna dunya silat di Purwakarta téh ti Bah Dédén Mangku.
Poma ayeuna ngadéklarasikeun paguron Wawangi Putra Taliwargi, bral geura ngajomantara, ngukir prestasi, nanjeurkeun dunya silat. Hayu babarengan urang ronjatkeun ajén budaya Sunda hususna silat.***