MALEM TAUN BARU
Carpon: Agus Mulyana

Keur kitu, beledag! Jelegur! Langit ujug-ujug hibar. Katempo ti jauhna kembang api mungguh murub mubyar ngahibaran langit peuting. Meunang sajongjongan saréréa jempé, narempokeun kembang api tingbelesat ka luhur nyaangan meredongna peuting. Ciri ganti taun, panceg jam 24.00.

Malem Minggu, villa “Kunti” di Leuweung Tiis simpé kénéh. Nu tunggonna Ki Ahmad, aki-aki rengkung, beungeut haropak badis tangkorék. Kulitna hideung lestreng semu sisitan. Manéhna nyorangan nungguan villa, titinggal Tuan Williams nu geus puluhan taun tilar di nagri Walanda.

Peuting ayeuna di éta villa rék aya acara. Cenah acara reuni, sakalian mapag taun baru.

Read More

Hujan pabaru ngeprul ti isuk mula. Kapeutingnakeun muruhpuy taya eureunna. Jukut nu ngajejembrung di buruan villa baseuh ku cihujan. Jam geus nuduhkeun tabuh 23.15. Kaayaan geueuman, pikakeueungeun pisan.

Teu lila kurunyung Cép Yayan, gék diuk dina korsi paviliun. Kudak-kodok kana pésak calanana, ngaluarkeun bungkus roko. Pelenyun udud bangun nu nimat. Kop, kana cikopi nu geus nyampak. Teu tata pasini, leguk diinum. Kutap-kétap, huleng, pureleng…, puaaah! Aya nu ngacleng tina bahamna.

“Ku naon A Yayan?” Ayu Wulansari kagét nyampeurkeun ti tukang.
“Anak cakcak dina cikopi!”
“Hahaha…., naha maké diburakeun?” Ayu nyakakak.
“Kurang ajar cakcak téh!” Cép Yayan crut-crot cumiduh, ngarasa geuleuh. Karasa kénéh geunyalna dina létah.

“Leuh, mani ramé!” Ceuk Héni Handayani nu anyar datang bari gék diuk.
“Tepung téh sataun sakali wé nya.”
“Enya, uyuhan bisa tepung deui gé.”
“Ari A Cécép ka mana? Geuning can datang?”
“Mépéndé heula budakna sigana.”

Gerung sora motor asup ka buruan villa. Asép Fajar nyéréngéh, nyetandarkeun motorna. “Sugan téh kapeutingan, boro rurusuhan. Geuning kakara tiluan.”
“Pasti kapegat macét di jalanna batur mah.”
“Cageur, Lur?”
“Berekah, mun gering mah ngaringkuk atuh!”

Teu lila jul-jol babaturan nu séjénna. Encép Ridwan, Andri, Éva Arnaz, Wawan, Milah, Dési, Irfan, daratangna méh bareng.

“Yeah, kuring mah boga nu kieu!” Encép Ridwan ngaluarkeun botol tina saku jékétna.
“Inuman naon éta téh?”
“Godogan buah berenuk.”
“Nu bener silaing téh!”
“Heueuh bener. Asli tina buah berenuk!”
“Moal mabok, tapi weureu éta mah atuh!”
“Cobaan heula, maké jeung weureu sagala.”
“Sok manéh tiheula!”

Leguk Cép Ridwan nginum. Nu séjén narempokeun. “Tuh, teu nanaon pan!”
Néng Ayu ngicip-ngicip. “Amis rada pait saeutik.” Pokna.
“Moal karacunan?” Asép Fajar asa-asa.
“Moal. Dina karacunana ogé gampang, tinggal ngubur…hahahaha.”
“Apan enggeus!”
“Aéh heueuh.”

Kurunyung Ki Ahmad datang. Rarampéolan nanggeuy baki dieusi cikopi jeung sangray siki benguk tilu piring metung. Panonna nu dekok gular-giler niténan barudak awéwé nu papakéanana singsarwa pungsat.
“Cocog pisan. Inuman berenuk jeung lalawuh sangray siki benguk!” Andri ngagakgak bari kop ngarawu sangray siki benguk.

Keur kitu, beledag! Jelegur! Langit ujug-ujug hibar. Katempo ti jauhna kembang api mungguh murub mubyar ngahibaran langit peuting. Meunang sajongjongan saréréa jempé, narempokeun kembang api tingbelesat ka luhur nyaangan meredongna peuting. Ciri ganti taun, panceg jam 24.00.

Nu réuni tambah pogot. Sarosonoan ngobrol tingcakakak-tingcikikik. geus kitu ditéma karaokean lagu koplo jeung campursari. Saréréa motah. Uget jeung oyag teu puguh wirahmana, nu penting ramé. Malum tepung ukur sataun sakali, dina mangsa ganti taun.

Nyedek ka wanci janari, katempo saréréa laleuseuh. Nu masih kénéh karaoké kadéngé sorana peuyeuh. Sangray siki benguk jeung berenuk ukur piring jeung botolna. Ki Ahmad caméot diuk di juru, lelenggutan.

“Hayu ah, geus bijil balébat geuning!” Cép Ridwan ngoréjat bari nempo ka béh wétan. Saréréa patingkuniang tina diukna. Tuluy silih rangkul cipika-cipiki. Geus kitu mah lus-les ngaraleungit, diténjokeun ku anjing hideung, nu ti tatadi jogo di peuntaseun villa.

Ki Ahmad pipilueun cengkat. Sakedét nétra, ngaléor mapay ubin muru sumur tukangeun villa. Nya di dinya pamatuhan oray hideung sagedé catang kalapa, nu sok kawénéhan katempo ku nu ngala suluh ka Leuweung Tiis.***

BJI, 31/12/2022

Katerangan:
Berenuk, buah nu cangkangna teuas.
Benguk, sabangsa roay tapi matak weureu.

Related posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *