Kagiatan ieu téh, Alhamdulillah barudak libur sakola, janten teu ngaganggu pembelajaran. Lian ti éta, ogé milari bibit-bibit atlit pikeun ka Tingkat Nasional.
Gor Purnawarman Disporaparbud Purwakarta, ayeuna dipinuhan ku para patandang Kejuaraan Pencak Silat Bupati Cup Open 2022. Dina raraga barudak pikeun leuwih mikacinta kana seni Pencak Silat anu geus diakui ku UNESCO.
Dina hal ieu mah, Ketua Panatacalagara, Kejuaraan Pencak Silat Bupati Purwakarta Cup Open 2022 ka-1, kang Juhara Mulyana ka grup Warta Sunda, ngecekseun yén kagiatan ieu téh, Alhamdulillah barudak libur sakola, janten teu ngaganggu pembelajaran. Lian ti éta, ogé milari bibit-bibit atlit pikeun ka Tingkat Nasional.
Ketua Panitia Kejuaraan Silat Bupati Purwakarta Cup Open 2022, Juhara Mulyana*
Malah Mandar ieu kagiatan téh minangka hasil gawé bareng jeung pihak stakeholder sapertina Pemda Purwakarta (Disporaparbud), IPSI, Koni Purwakarta sarta paguron-paguron Pencak Silat Kabupatén Purwakarta. Para patandang paguron nu milu aub téh diantara ti Provinsi Jawa Tengah (Kubupatén Kendal), Provinsi Kalimantan (Bengkulu), Sarta ti Provinsi Jawa Barat.
Sedengkeun patandang ti Jabar ngawengku diantarana Kabupatén Cirebon, Tasik, Tangerang, KBB, Kota Bandung, Subang, Karawang, Bekasi sarta Kabupatén nu jumlahna aya kana 721 patandang.
Sedengkeun nu hadir para inohong ti Bupati Purwakarta (Rd. Hj. Anne Ratna Mustika), Ketua Pengkab IPSI Purwakarta, H. M. Arief Kurniawan, M.M., Wk. Ketua Pengprov IPSI Jabar, Agus Siswono, jeung Luki (Humas Pengprov IPSI Jabar), Ketua Lembaga Wasit Juri Jabar H. Deni Akbar, Dandim 0619 nu diwakilan Kasdim, Ketua KONI Kabupaten Purwakarta, H. Muhammad Husni, M.Pd, PLT. Disporaparbud, Wahyu Wibisono, Polres Purwakarta di wakilan ku Kapolsek, sarta Lurah Sindangkasih.***