Rumawat Jagat Jatiluhur Gelar Budaya Ngabengkat Mapag Cai Talaga Kahirupan

“…Malah Mandar perjanjian tanggal 21 Agusus teh antara Kerajaan Sunda jeung Portugal téh geus aya kana waktu nu sakitu lilana nyaéta geus 500 taun. ieu tarekah jeung patéah Bapa Ir. Soekarno harita, sok sanajan can realisasi hadir kulantaran harita Ir soekarno keur dina kaayaan posisi anu sulit”

JABAR – www.wartasunda.com,- Ping 26 Agustus 2022 minangka tanggal keramat, nilik tina titimangsa perjanjian antara kerajaan Sunda jeung kerajaan Portugal.

Kituna ogé, tanggal 26 Agustus téh, tanggal miladna bapa Présiden nu ka-1 Ir. Soekarno jeung bapa Jokowi. Malah Mandar perjanjian tanggal 21 Agusus teh antara Kerajaan Sunda jeung Portugal téh geus aya kana waktu nu sakitu lilana nyaéta geus 500 taun. Kitu ceuk Pj. Kepala Désa Jatimekar, Hendra Setiawan, SM nalika wawancara door stop di lokasi acara Service Désa Jatimekar, Kecamatan Jatiluhur, Kabupatén Purwakarta, poé Juma’ah, 26/8/2022.

Read More

“Keur Urang Sunda mah ieu kagiatan téh tangtu ngemutan mangsa katukang nalika para pejuang karuhun urang dina bebela ka lemah cai,” pokna Hendra.

Satadina mah husus warga masarakat jeung para petani di Purwakarta miharep sangkan Bapa Présiden hadir tur nyaksian ngadegna prasasti Padrao atawa tugu monumen Pancasila.

Padahal ieu tarekah jeung patéah Bapa Ir. Soekarno harita, sok sanajan can realisasi hadir kulantaran harita Ir soekarno keur dina kaayaan posisi anu sulit. Pihakna geus koordinasi jeung pihak Setneg sawatara waktu katukang ngalaporkeun yén kiwari keur nyieun tugu monumen Pancasila atawa prasasti Padrao. Tapi ayeuna mah masyarakat katut para petani di wewengkon éta, miharep ka Bapak Présiden Jokowi tiasa hadir tur méré suport ka warga masyarakat Sunda di Purwakarta.

Ku ngadegna monumen éta, pikeun ngamumulé tur melestarikan perjanjian / prasasti padrao di Jawa Barat.***

Related posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *