NULIS DIALOG
1. Maké tanda kekenteng, dimimitian ku aksara gedé (huruf kapital), rapet kana kekenteng awal. Conto ;
– “Saha nu …..”
– “Harita téh ..”
– “Pa, punten …”
jrrd.
2. Maké tanda koma lamun dialog dimimitian atawa dipungkas ku interjéksi. Conto :
– “Nuju naon, Néng?” cekéng téh.
– “Urang ulin, yu!”
– “Euleuh, meni saé,” ceuk Nina.
jrrd.
3. Dipungkas ku tanda koma saméméh kekenteng lamun sanggeus kekenteng dianggap sakalimah jeung omongan jero kekenteng. Conto :
– “Moal milu,” cenah.
– “Ateul bujur,” pokna bari gagaro.
– “Teu terang,” témbalna pondok.
jrrd.
4. Maké tanda titik lamun sanggeus tanda kekenteng ahir dianggap kalimah anyar. Conto :
– “Ari sakitu mah teu wantun.” Tukang dagang ukur seuri.
– “Saréréa kabagéan.” Kitu ceuk Pa Kadés.
– “Kaduna amis pisan.” Kop kana kadu séjén.
5. Sanggeus kekenteng ahir kudu maké aksara leutik lamun jero kekenteng dipungkas ku tanda pananya atawa panyeluk. Lamun hayang aksara gedé kudu ganti/pindah alinéa. Conto :
– “Saha nu maot téh?” ceuk Bi Upi.
– “Jung, geura indit!” pokna tarik pisan.
– “Iraha badé ameng ka rorompok, Téh?”
Téh Irma ukur imut.
Mun nulis dialog kieu, SALAH :
– “Abdi mah urang Garut”. (titikna di luar kekenteng)
– “Saha Udin Bulé téh?,” (maké tanda baca sanggeus tanda pananya/panyeluk).
Cag!
This is the perfect blog for everyone who hopes to understand this topic. You understand so much its almost hard to argue with you (not that I actually would want toÖHaHa). You definitely put a new spin on a topic which has been written about for years. Excellent stuff, just excellent!
Thanks