LALAKON KKN DI DÉSA PENARI, NGALUDANG KAHARIWANG KOLOT KUHIJI KUDUA

“Lalakon KKN di Desa Penari ieu nyaritakeun lalakon genep mahasiswa nu teu kabéré formasi KKN ti kampus, nya néangan tempat KKN sorangan. Tapi aya na sawatara vérsi nyebut 14 urang mahasiswa lain genepan. Tokoh utamana Ayu, Nur, Widya, Bima, Wahyu, jeung Anton. Singgetna maranéhna meunang tempat KKN di hiji lembur di wewengkon wétan pulo Jawa nu…”

Geunjleung pibasaeunna ku ayana lalakon KKN Di Desa Penari nu cenah saliwat mah matak kukurayeun. Sok komo ayeuna geus diwangunkeun dina wangun film layar lébar, kaayaan pikasieuneunna leuwih kagambar da dina wangun tilu diménsi, sakali deui matak karasa pikasieuneunna manan maca tulisan wangun prosa atawa samalah wangun lisanna boh ti nu mitutur kahiji atawa pihak kadua, katilu jeung saterusna. Duka warga nagara urang nu haus hiburan pédah saprak usum pandemi ieu disengker kagiatan hiburan ku alesan sakadang korona, duka mémang gedé pisan rasa panasaran kana lalakon nu bisa disebutkeun viral ku aroma mistisna ieu? Ka teuing. Nu jelas tokoh utama Nyi Badarawuhi si ratu siluman pangawasa leuweung ganggong simagonggong sayangna oray jeung méong ieu, nu diperankeun ku Aulia Sarah geus hasil ngawangun imajinasi ngeunaan dedeg rupa Nyi Badarawuhi éta, nepika film ieu nembus ampir, 4,7 juta nu lalajo dina waktu ngan 11 poé. Lain ngan di jero nagri tapi ogé di luar nagri kawas Singapura jeung Malaysia. Béu. Rék nyaingan film Hollywood Doktor Strange jigana. Acan koméntar nu rupa-rupa sudut bidikna, bacacaran na média utamana mèdsos, nambahan kakuatan miralkeun lalakon nu sabenerna mah geus kudu kadaluwarsa da kajadianna gé sawatara taun ka tukang, teu up to date.

Read More

Lalakon KKN di Desa Penari ieu nyaritakeun lalakon genep mahasiswa nu teu kabéré formasi KKN ti kampus, nya néangan tempat KKN sorangan. Tapi aya na sawatara vérsi nyebut 14 urang mahasiswa lain genepan. Tokoh utamana Ayu, Nur, Widya, Bima, Wahyu, jeung Anton. Singgetna maranéhna meunang tempat KKN di hiji lembur di wewengkon wétan pulo Jawa nu katelah sanget. Loba nu méré saran sangkan pindah ka wewengkon kulon waé, leuwih aman. Tapi teu diturut ku alesan waktu. Nya jadi wé KKN di dinya maksa sok sanajan pada ngahalangan gé kaasup ku Pa Prabu kokolot lembur di dinya. Tapi da maraksa waé. Sapanjang jalan muru lembur éta nu jalanna nembus leuweung geledegan, Widya jeung Nur mah dikersakeun dibéré téténjoan nu matak kukurayeun. Loba nempo mahluk pikasieuneun saperti awéwé nu ngibing bari dilalajoan ku mahluk- mahluk nu pikasieuneun wungkul. Salah sahijina aya makhluk nu saawak-awak dibulen bulu hideung jeung tandukan, nu saterusna nunutur ka Nur nepika cunduk ka tempat panampungan KKN gé masih kènéh némbongan jiga nu ngahalangan jeung nitah baralik deui. Sabenerna kila-kila pibahlaeun gé geus kajadian ti mangsa dina lalampahan muru tempat éta. Mobil maranéhna dipegat ku aki-aki. Sok sanajan teu loba ngomong inti tina teuteupna si aki misterius éta nitah rombongan KKN tong nuluykeun rarancangna éta.

Di tempat KKN gé terus diririwaan ku para dedemit nu ngageugeuh di dinya. Pa Prabu geus ngingetan tong asup ka leuweung larangan. Tapi pantrangan éta dirempak ku tokoh Ayu jeung Bima nu kalah ngalakukeun teu uni di jero leuweung. Nu antukna maranéhna ka supata. Awak Ayu jeung Bima ngajehjer. Sukmana teuing kamana. Warta éta tepi ka kampus jeung kulawargana. Antukna mah Ayu jeung Bima dibawa balik rék diubaran ku médis. Tapi duanana teu kasalametkeun. Duanana palastra. Saméméh maot Bima kungsi sasar nyebut-nyebut oray. Ceuk nu bisa nempo arwah Ayu jeung Bima tinggaleun di leuweung di wewengkon lembur tempat maranéhna KKN. Nyi Badarawuhi siluman tukang ngibing nu digambarkeun siluman oray tétéla murka. Dua mahasiswa éta disupata. Ayu kudu ngaganti Nyi Badarawuhi jadi panari di éta leuweung saumur-umur pikeun ngahibur kaum dedemit di wewengkon éta sedeng Bima kudu kawin jeung Nyi Badarawuhi nu ngawasa leuweung éta tur ké na bisa boga anak nu mangrupa oray. Mangkaning sakali nganak bisa réwuan. Malah ceuk sakaol Widya mah nohyan Ayu keur ngibing luhur batu di jero leuweung dilalajoan ku mahluk-mahluk pikagilaeun. Ayu ngibing bari rambisak ceurik. Sorot matana katara ku Widya lir nu nitah Widya indit ti patempatan éta. Nepika antukna Widya katohyan ku para dedemit tapi Widya salamet bisa kabur. Wallohualambissawab.

Nilik tina carita éta mémang teu pamohalan bakal kajadian. Alam gaib tempat siluman sileman ngageugeuh mémang kaunggel ayana dina Al Quran Nur Karim salaku ciciptan kaagungan Mantenna. Urang kudu percaya éta. Jin, sétan, Iblis, genderewo, kuntilanak,dempol lénang, ipri, jeung sajabana, mémang bakal aya abadi sapanjang jaman ieu saacan ancur lebur na poé kiamah pikeun nyandingan kahirupan manusa nu teu kuat ku dodoja jeung gogoda. Nya ku kituna urang dibéré kakuatan iman ku Nu Maha Kawasa pikeun ngungkulanna. Sakali deui kudu percaya kana hal éta.

Balik deui ka soal KKN di désa Penari tadi. Saeutik loba hal éta geus mawa kahariwang ka kolot nu boga budak keur kuliah tur seja ngalaksanakeun KKN. Kunaon? Kahijina sieun ngalaman budakna kasarad ku alam goib saperti na lalakon éta.

Para kolot mahasiswa ieu sieun budak maranéhna mangsa KKN meunang tempat KKN nu kacida hara-haraeunna kawas na carita éta. Barudak téa kalan-kalan teu asak jeujeuhan. Leuwih ngutamakeun kawani tur jiwa hayang nyobana kacida gedéna. Komo barudak ti dayeuh kalan sok ngarasa ahéng malah ngaréméhkeun pantrangan di hiji lembur nu bisa diitung nyingkur. Teu meunang kitu bakal kitu. Teu meunang kieu bakal kieu. Hal éta dihampas ku budak kota mah biasana. Ayana larangan éta justru keur maranéhna mah jadi ngarupakeun hiji tangtangan. Komo usum médsos mah ngarojong pisan kana hal éta. Antukna maranéhna mikir teu nanaon ngarempak pamali gé da pasti engkéna bakal nyieun viral kontén nu dijarieunna. Teu mikir bahla teu mikir bahaya jeung balukar ka hareupna. Kabutuhan kontén médsos pikeun kaum milénial mah bisa neuleumkeun kasieun. Kana laranganna dianggap ukur mangrupa mitologi, nu ceuk logika jaman kiwari teu munasabah, nya ngahaja dirarempak ku saniskara dalih jeung tujuan. Kontén, kontên, jeung kontén nu aya na uteuk barudak kaum milénial mah. Beuki èxtréém nya beuki viral beuki loba viewerna. Beuki sohor nu nyieunna malah teu pamohalan beuki loba duit nyesed na pésak atawa rekening bank na. Sakali deui teu mikir balukar kaasup balukar pamalina. Panyaram kana pantrangan di hiji wewengkon pasisian malah nyingkur jauh ka ditu ka dieu dianggap kolot. Nu kudu dibuktikeun realitana ngaliwatan kontén aplikasi di médsos. Sakali deui teu malikir kana balukarna. Nya kajadian wé kawas fénoména dina lalakon KKN di Desa Penari. Kasarad ka alam goib da neugtreug ngalawan pantranganna. Tah teu pamohalan aya kolot nu ngarasa salempang, sok sieun téh éta kaalaman ku budak maranéhna nu seja KKN dina mangsa nu baris datang.

Pihak kampus dina hal ieu kudu bener-bener survéy kana kondisi lembur nu jadi sasaran KKN. Bisi hara-haraeun pisan kawas na carita éta. Pihak kampus, kolot mahasiswa, jeung pihak lembur nu jadi sasaran atawa tempat KKN kudu bener-bener nguatkeun koordinasi pikeun nyiptakeun kaayaan KKN mahasiswa nu répréséntatif jeung kondusif. Bérés roés. Salamet nepika réngsé program KKNna.

Kahariwang nu saterusna, ngeunaan talajak mahasiswa sorangan nu dina hal ieu bisa disebut méh teu kasorot ku publik. Tilem ku hégémoni kajadian mistis nu matak kukurayeun bin pikasieuneun. Talajak mahasiswa. Nya talajak mahasiswa nu teu uni. Inggis ku bisi rémpan ku sugan antukna. Ngaleupaskeun putra-putri ka tempat KKN bet jadi asa rareuwas jadi salempang. Nya hiji hal tina lalakon désa penari éta méh teu kapaliré. Talajak sapasang mahasiswa nu ngalakukeun teu uni alias jinah di leuweung larangan nu sajatina dina carita mangrupakeun karajaan kakawasaan ratu siluman paari Nyi Badarawuhi téa méh taya nu ngangkat taya nu medar.

Karakter goréng ieu mémang teu idéntik jeung mahasiswa atawa budak ngora. Tapi ieu mah sanyatana ngan ukur oknum mahasiswa. Nepika tokoh Bima ku tokoh Wahyu mah bakat ku keuheul, wirang, jeung ambek disebutna gé asu pédah geus ngalakukeun pagawéan nirca éta. Jadi éta ngagambarkeun ciri yén teu kabéh mahasiswa nyaluyuan kagiatan séks bébas. Tapi sahenteuna kolot jadi deg deg plas ogé. Sakali deui inggis manan maut hinis, ngaleupaskeun putra-putrina KKN leupas jauh ti kolotna balukar présédén goréng na lalakon désa panari éta. Inggis tuang putra lungguh tutut balég kéong. Sawah sakotak kaider kabéh. Inggis putra ngabudi ucing, dimana langah mah kedewek maling pais lauk. Inggis tuang putra heueuh-heueuh bueuk hareupeun wungkul mangsa dipapatahan saacan miang KKN, pas di tempat KKN mah lir kuda leupas ti gédogan. Mangkaning DPL teu unggal waktu moncongok mahasiswana. Mangkaning inohong lembur atawa masarakat nu lemburna dipaké KKN tara bisa full ngawaskeun mahasiswana. Kasempetan mahiwal bisa kabuka. Naudzubillah.

Sakali deui hal éta teu ngagambarkeun karakter mahasiswa atanapi budak ngora sacara umum, tapi éta mah ngan oknum. Ngungkulanna? Dadasar agama nu kuat ti bubudak jadi faktor utama ngajaga kajadian kitu. Pangawasan, aturan, etika gaul, kudu diécéskeun jeung ditegeskeun pisan boh ku pihak kampus pon kitu deui ku pihak lembur tempat KKN. Saleuwihna mun geus kitu mah, sing percaya ka budak, jeung jauhna sanggakeun samudayana Ka Nu Kawasa da niatna gé lain goréng. Pan nawaétuna gé tholabul ilmi.

Mugia kajadian dina carita KKN di Dèsa Penari teu kajadian deui na mangsa nu baris datang! Kajadian éta sing jadi eunteung pikeun sakumna pihak nu kalibet dina urusan KKN mahasiswa! Wallohualambissawab.

Café Galuh, 16 Méi 2022
Ku: Abah Unang

Related posts

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *